Kamis, 02 Mei 2013

¤ HAMPURANA ¤

Hampura... 
Uwink Rumasa lain jalma hade rupa hade lampah 
Anu bisa mernahkeun kata jeung kalimah 
Nyasar rasa nalaah manah 
Hampura... 
Lamun hiji omongan nganyerikeun 
Moal aya aseup lamun euweuh seuneu 
Sagala oge ku aya cukang lantarana ... 
Hampura ... 
Uwink geus kasasaban kaegoisan 
Teu muka mata jeung pikiran 
Teu nyaho kaera ka jalma nu sok nulungan 
Hampura ... 
Lain teu suka ku hinaan anjeun 
Lain teu narima ku sindiran anjeun 
Karasa ku anjeun oge teu ngeunah 
Hampura ... 
Anjeun geus asa lanceuk sorangan 
Geus teu asa2 meberkeun kagorengan 
Anu nganyahokeun sagala masalah jeung kajuwet hrup uwink 
Hampura ... 
Hiji mangsa anjeun pasti ngarti 
Naha uwink kieu ? 
Hampura ... 
Uwink nyaho anjeun sabar 
Uwink nyaho anjeun nyeri 
Uwink nyaho anjeun bosen 
Sagagas , sapamikiran 
Urang geus asa kulawarga 
Moal rek miceun budi jeung jasana ... 
Jauhan uwink lamun bisa 
Ngarah teu nambah2 dosa ka diri uwink anu hina 
Jig ... 
Teu kudu ngalieuk heman ka uwink 
Lamun anjeun ngarasa peurih lantaran uwink . 
Hampura ... 

Haturnuhun 
Catetan : bongan maneh ngamimitian

Tidak ada komentar:

Posting Komentar